TUTUGAN LANDEUH SARONGGE

Tutugan Landeuh Sarongge

Lamping gawir cipelah minangka datarna
Cibarani kimaranggi nya sikluk pasaleman
Nangkod rupa negrak dayeuh aisan gunung sawal
Carita heubeul nandeskeun sim kuring nyanding ku cibenyerna
Ka ibunan ka caian ka anginan ka soraan Tutugan Landeh Sarongge

Tilu taun ka carita samemeh  Galunggung Bucat ku Tohagana
Mangsa janari maju ka shubuh miheulaan kongkorongok hayam
Amanah bijil mangrupa jaladra dina purwarupa nu teu bireuk
Maju bari mipir buana jagat alas pringga dina cala
samemeh mangsa ditutupna lawang sigotaka

Ngider rasa, ngumbar hate sapanimuan nu acan katimu
Mapag lampah ngedalkeun sora nu acan kahaleuang
Ngemplongkeun beja bari irit ku ngentepna  harti anu buni
Nyuprih pangaweruh anu sesa pinilih ngarah teu leuwih kiruh
Karasa lain ku carita matak ku matakna ragragna cimata
Karasa lain ku carita matak ku matakna manah gumbira
Silih dedetkeun dina kala pertengtang.

Ema, Bapa, doakeun
Nini, Aki, pangapingkeun
Allahu Rabbi Ijati Ridhoan abdi
katukang sakitu kahotna, kahareup kacipta ragotna
Ujang lain kumbakarna, lain rahwana sumawona lain sugriwa tur sri rama
Ngan saukur cai pati tutugan Landeh Sarongge
Anu nyanding ku cibenyerna, mugia Ginanjar Kawilujengan 

By Sanx Atoeb Damai

Komentar

Postingan populer dari blog ini

Gunung Cupu

Sapuratina

BUDAK ANGON JEUNG BUDAK JANGGOTAN