Sapuratina
Poek mongkleng buana nalika nyengled sarangenge.
Tinghaleuang patembalan mangrupa adzan.
Dina rancucut waragad iman jeung ihsan
Galideur hate bangbaung mertela bunisora.
Gumati lumampah eusi cawet jeung ubun-ubun.
Nyanggakeun manah sapuratina.
Kadar rasa balukar hate, kadar bagja tandesna wilangan
Ilahar warta nu matak cilaka
Ilahar beja nu matak parna
Teu aya titirah dunya ngajadikeun amarwatasuta.
Saukur rekaan gede leutik carita
Omat tegeskeun rangkeupkeun
Laer aisan sugih harepan
Miboga mundinglaya dina carantang
Leuweung ngajadi lembur
Lembur ngajadi puser
Puser ngajadi dumasar ragragna basa
Basa tingkeletrek ngajadi dangdanggula
Pupuh sinom magatru nyurup sapuratina
Sapuratina hideup ku hideup, urang ku urang.
Kawula sapuratina ngalayang dina tangtung
Tegeskeun budi ngahiji dina purwarupa
Leberkeun taktak medarkeun tanggungan.
Rawuh pangaweruh sapuratina.
Enjagkeun kilurah drona dina amarta.
Omat jeung sapuratina
Komentar