BUDAK ANGON JEUNG BUDAK JANGGOTAN
Guaran ngeunaan Budak Angon jeung Budak Janggotan Dina Uga Wangsit Siliwangi.
Wujud
Budak Angon, ramé ditéangan jeung ditungguan ku
sabagéan rahayat Tatar Sunda. Saluyu jeung Wangsit Prabu Siliwangi. Budak Angon masih teureuh
Pajajaran, boh beresih haténa (wening
galih jembar manah) , muslim nu taat. Nyieun batu cépér minangka ciri panto imahna. Nu ngélingan
manéhna kana gapura kadatuan Pajajaran karuhunna, nu dijieun
tina batu. Imahna di
handapeun tangkal Handeuleum ssarta kaiuhan ku tangkal Hanjuang. Budak Angon teu ngangon ingon-ingon, tapi manéhna terus-ngangon Kalakay & Tutunggul, boh
saméméh atawa sabada kajadian “sagara jadi dangdarat”. Kalayan
harepan Tatar Sunda lémbok deui, rapih, cukup sandang,
murah pangan jeung
kertamukti. Ngageberan
sumanget rahayat Tatar
Sunda keur nguniang deui ngawangun nagara, sabada bancana ronngkah “sagara jadi dangdarat” nu
kajadianana kalayan kahoyong Allah SWT. Engkéna Budak
Angon jeung Budak
Janggotan jadi inohong puseur geunjleungna nu bakal kajadian di Tatar Sunda.
Manéhna kapaksa nyumput ka Lebak Cawéné tina udagan musuhna. Sabab
bakal diteumbleuhkeun( jadi “kambing hitam” )
mu bubarna NKRI.
Nepa ka datangna Ratu Adil nu bakal
nganjrek di Tatar
Sunda. Di mana Budak
Angon jeung Budak Janggotan ngajak kumna rahayat Tatar Sunda bari rjangji satia ka Ratu Adil. Antukna Tatar Sunda jadi salah sahiji
basis
perjuangannya, dina nyebarkeun Islam jeung
Kaadilan ka
sukuliah jagat.
Wujud "Satria Piningit" memang masih kééhn misterius. Geus loba nu nyoba keur
midankeunana ku carana séwang-séwangan. Alhasil, aya nu yakin geus
manggihanana, malahan aya nu geus ngaku yén inyana si Satria Piningit. Lamun
ditalungtik mangka wujud/sosok nu geus dipanggihan ieu masih cangcaya naha mémang inyana calon Ratu Adil téh?
Budak Angon atawa "Penggembala" sabenerna ngarupakeun konsepsi ngeunaan
kahirupan jeung kamanusaan. Sajeroning konteks diri manusa,
Budak Angon ngaupakeun konsep ngeunaan
pamangih jati diri jeung pangawasaan keur naon saenyana urang dicipta. Slian ti jasad urang anu sabenerna ngan “tutunggangan" anu kudu ditalukeun, dikadalikeun, jeung diarahkeun
ngaliwatan proses "ngangon", sajeroning diri urang oge aya kumpulan "sasatoan" anu henteu dipaéhan tapi supaya
diangon sahingga jadi potensi jeung tanaga positif keur nimukeun udagan hirup urang.
Dina konteks kahirupan sasama, Budak Angon ngébréhkeun hiju upaya jeung "penertiban", pangwangunan,
kasadaran, sarta , panuduh ubungan antara sasama nu didadasar ku
kacinta jeung kaasih. Sahiji tatanan kahirupan anu leuwih adil. Sajeroning konteks wujud, pribadi-pribadi anu digawé soson-soson dina upaya jeung proses nu kitu anu disebut Budak Angon.
Kacangcayaan anu muncul ngadorong keur nalungtik jeung naliti deui naon nu geus
dibuukakeun dina naskah-naskah luluhur ngeunaan wujud/sosok Satria Piningit sajati. Salah sahiji naskah anu biasa ku urang digunakeun minangka rujukan nyaéta Uga Wangsit Siliwangi. Siliwangi dina Uga Wangsitna menyebut si calon Ratu Adil ku sebutan Budak Angon. Sawatara hal nu disebutkeun dina Uga Wangsit Siliwangi ngeunaan Budak Angon nyaéta:
1. Sora nu ménta tulung.
Dina Uga Wangsit Siliwangi disebutkeun “"Hiji mangsa engké, lamun geus tengah peuting kadéngé
sora nu mawa panji, nah tah éta
cicirénna." Sakabéh katurunan anjeun digero ku nu rek kawin di Lebak Cawéné.” Kecap “sora nu ménta
tulung ” sigana sarua jeung “ungkapan Joyoboyo dina 169 nyaéta “senang menggoda
dan minta secara nista, ketahuilah bahwa itu hanya ujian, jangan dihina, ada
keuntungan bagi yang dimintai artinya dilindungi anda sekeluarga“.
Budak Angon di awal kahadiranana bakal milampah hal-hal minangka tanda kedatanganana. Salah sahiji nyaéta tulung di sabudeureun wewengkon Gunung Halimun. Teu jelas naha inyana ménta tulung ka jalma lian, naha inyana aya dina kasulitan atawa aya kaperluan lianna. Anu pasti lmun geus kitu hartina tandana bakal aya kahadiranana.
Sawatara
dina Ramalan Joyoboyo dina bait 169 disebutkeun lamun Budak Angon “suka
minta secara nista sebagai ujian”. Kalimat ieu nyirikeun yén “minta tolong itu hanya sebatas ujian bagi yang
dimintai pertolongan. Ujian naon? Can kanyahoan ujian naon nu sok dipilampah ku Budak Ango ka nu lian. Hatu urang tungguan baé!
2. Néangan bari ngalawan, ngalawan sabari seuri.
Dina Uga Wangsit Siliwangi kaunggel “Engké bakal réa nu kapanggih, sabagéan-sabagéan. Sabab
kaburu dilarang ku nu disebut Raja Panyelang! Aya nu wani ngoréhan terus terus,
teu ngahiding ka panglarang; ngoréhan bari ngalawan, ngalawan sabari seuri.
Nyaéta budak angon;” Kecap “kaburu dilarang” ieu naon masudna? Naha dilarang dina ngébréhkeun fakta-fakta, atawa dilarang ngalelempeng sajarah? Sigana masih butuh tapsiran deui.
Nu pasti Budak Angon sigana teu paduli ku larangan pamingpin. Malahan lain
ngan wungkul teu paduli ku éta larangan, tapi leuwih ti éta Budak Angon ngalawan larangan si pamingpin sabari seuri. Teu kabayang kumaha rarasan si pamingpin lamun dilawan sabari seuri. Bisa-bisa Budak Angon dina kaayaan bahaya iieu sabab gawéna sok ngalawan raja panyelang.
Dina kekecapan “nu kapanggih, sabagéan-sabagéan, sabab dilarang
raja panyelang , nunjukkeun yén nu bakal kapanggih ku balaréa mémang ngan sabagéan wungkul. Ku sabab ngan sabagéan saja mangka nu dipanggihan kasebut tacan lengkep jeung tangtuna can sampurna hasilna. Tapi lain ari keur Budak Angon mah, inyana terus néangan bari ngalawanari sabari seuri. Bisa jadi pamanggih Budak Angon ieu bakal ngarupakeun pamanggih anu paling lengkep jeung ngadeukeutan kana bebeneran.
Ngangon Keretas jeung Kala, (Péna)
Dina Uga Wangsit
SIliwang kaunggel kieu: “ Ari ngangonna? Lain kebo lain embé, lain méong lain banténg, tapi kalakay
jeung tutunggul. Inyana jongjon ngoréhan, ngumpulkeun anu kapanggih. Sabagéan
disumputkeun, sabab acan wayah ngalalakonkeun. Engké mun geus wayah jeung
mangsana, baris loba nu kabuka jeung raréang ménta dilalakonkeun. Tapi, mudu
ngalaman loba lalakon, anggeus nyorang: undur jaman datang jaman, saban jaman
mawa lalakon. Lilana saban jaman, sarua jeung waktuna nyukma, ngusumah jeung
nitis, laju nitis dipinda sukma.
Budak Angon miboga kabiasaan gumpulkeun daun jeung dahan. Kecap daun jeung dahan disebutkan Uga Wangsit
Siliwangi “Kalakay jeung Tutunggul“. Kalakay ngarapuakeun daun lontar nu biasa digunakeun ku jalma jaman baheula minangka lambaran daun keur nulis. Sedengkeun Tutunggul ngarupakeun dahan tangkal nu biasa digunakan jalma urang jaman baheula minangka pena keur nulis enulis. Sahingga Kalakay jeung Tutunggul bisa dihartikan minagka keretas jeung kalamna.
Budak Angon miboga karesep ngangon kertas jeung kalam /péna. Inyana terus ngumpulkeun barang ieu subage angonanana. Teu jelas kunaon inyana resep ngangon kertas jeung pena. Kecap ngumpulkeun
ngandung harti kertas jeung kalamna ngan sahiji wujud, tapi jumlahna loba jeung jadi barang nu dipikaresep.
Budak Angon ngangon kertas jeung pena keur manggihan sajarah jeung kajadian. Teuing sajarah jeung kejadian naon nu
dikumpulkeunana, tapi bisa dipikaharti yén di Nusantara loba sajarh nu dirobah, bisa jadi ha
lieu aya Kakaitanana jeung
ngalempengkeun kaayaan sajarah bangsa urang.
Inyana bakal terus gumpulkeun sajarah jeung kajadian-kajadian penting tangtuna pikeun nganggeuskeun masalah di Nusantara.
Wajar baé lamun sajarah ditalungtik sabab satemenna keur nganggeuskeun hiji masalah teu meunang henteu kudu miwanoh kana awal sajarahnya kunaon pangna bisa kajadian. Ku karesepna nlungtik sajarah jeung kajadian nu ditulis dina kertas ku kalam engkéna masalah di Nusantara bakal bisa dibébérés kalawan
gampil.
Ieu Budak Angon dina saengoning
pangabdiannana téh éstuning “sepi ing pamrih ramé
ing gawé”, teu pernah ménta buruh atawa ménta naon-naon éstu
ikhlas tur rido.
Ari kecap Angon, -nyambung kana bait
awal– ngAngonna téh kalakay jeung tutunggul. Naon ari kalakay jeung tutunggul?
Kalakay jeung tutunggul dikiaskeun di dieu kana kertas jeung
pulpen. Jadi ieu Budak Angon téh jalma anu gawéna ngumpulkeun kertas jeung
pulpen, atawa sacara jelasna mah ieu Budak Angon téh jalma anu resep néangan
élmu pangaweruh, resep ngumpulkeun sajarah jeung jalma anu nyakola.
Tapi naha anu mawa parobahan nagara jeung sok aya dina unggal-unggal mangsa
téh ngan saukur Budak Angon (abdi/abid)? Lain pamingpin atawa raja? Sabenerna mun urang
pernah maca tulisan salah saurang sosiolog Iran. Anjeuna nerangkeun yén anu
bisa mawa hiji bangsa kana revolusi téh lain ti golongan pamaréntah atau
élmuwan. Jalma anu bisa mawa rahayat pikeun revolusi téh ngan jalma biasa, tapi
ieu jalma biasa téh aya terus di tengah-tengah rahayat, gawé langsung jeung
rahayat, jadi bisa ngagerakkeun rahayat kana
parobahan. Atawa ceuk Antonia Gramsi mah jalma nu disebut
Intelectual Organic.
Nu saungna di birit leuwi nu pantona batu satangtung.
Dina Uga Wangsit Siliwangi kaunggel; Laju naréangan budak
angon, nu saungna di birit leuwi nu pantona batu satangtung, nu dihateup ku
handeuleum ditihangan ku hanjuang. Kecapa di birit leuwi
nétélakeun yén imah Budak ayana deukeut muara susukan. Prabu Siliwangi teu masihan gambaran sakumaha anggangna antara imah jeung walungan ieu.
Prabu Siliwangi ogé teu nyebutkeun ngaan walungan ieu santukna rada
susah dina nangtukeun palebah manana. Di Tatar Sunda loba pisan walungan anu disisina rapang ku jalma rahayar ti
kalér nepi ka kidul. Jadi susah kacida nangtunkeun kapastian walungan ieu nu
dimaksud ku Prabu Siliwangi. Tapi nu pasti Budak Angon imahna sisi walungan, jadi lamun aya nu ngaku Budak
Angon tapi imahna jauh ti walungan, hartina teu saluyu jeung Uga Wangsit Siliwangi.
Tuluyna dina
kecap “pantone batu satangtung” masih perlu ditaliti, naha suhunan imahna téh dikieun tina batu? Ogé naha panto imahna dijieun tina batu? Bisa kitu bisa henteu!
Kalimah ieu bisa dipikahati yén imah Budak Angon henteu ngan sa-hambal (1 lantai), imah nu aya loténgan. Hal ini dirorong ku ungkapan Joyoboyo dina bait 161 nyaéta “berumah seperti Raden Gatotkaca, berupa rumah
merpati susun tiga“. Tina ungkapan Joyoboyo nunjukkeun aya 3 hambal imahna Budak Angon. Tangtuna lain imah biasa, bisa jadi imah “tingkat ekonomi menengah” atawa mémang Budak Angon téh ti kumawarga nu beunghar? Can bisa dipastikeun.
Kusabab kitu
keur nyieun hiji imah anu “bertingkat dengan bahan semen untuk lantai-lantainya, maka dari bahan semen yang
padat dengan sendirinya akan membentuk batu yang keras” . Tuluyna bisa dimaklum lamn panto hambal kahiji (lantai pertama( luhurna satangtung (setinggi cor semen lantai dua). Memang kalolobaanana
imah anu “bertingkat” pantona pasti bakal satangtung luhurna téh.
Saungna di birit leuwi, hartina
saung = imah/tempat cicing; birit leuwi = tungtung leuwi. Ngandung harti ieu Budak Angon mun rék indit atawa balik kudu bisa meuntasan éta
leuwi. Ieu téh simbul yén Budak Angon saungna di birit leuwi, cicirén jalma anu bisa leumpang/asup jeung ditarima di
rupa-rupa tempat jeung golongan. Jadi ieu Budak Angon téh lain jalma fanatik anu ngan ukur ngaronjatkeun golonganana/parteyna wungkul tapi sanggup bajuang babarengan jeung sagala pihak pikeun kapentingan
sakabéh rahayatna.
Aya deui nu nafsirkeun kieu: Pantona batu
satangtung, batu=barang alam anu kacida teuasna. Hartina ieu Budak Angon téh boga pamadegan anu kacida kuat, teguh pancuh
lir ibarat batu, teu gampang gedag kaanginan teu unggut kalinduan. Ieu Budak Angon teu daék diajak kompromi kana jalan anu salah.
Kahieuman ku handeuleum, karimbunan ku hanjuang.
Dina Wangsit Siliwangi keunggel yén imahna Budak Angon téh: imahna di birit leuwi, pantona batu satangtungeun, kahieuman ku handeuleum,
karimbunan ku hanjuang. Kecap kahieuman ku Handeuleum jeung karimbunan ku hannjuang ngandung harti di haeupeun imah Budak Angon aya dua yangkal nu kacida suburna jeung jadi cicirén khusus imahna. Di dieu ngan disebutkeun dua tangkal, hartina mémang ngan aya dua tangkal di hareupeun imahna nu ngabédakeun jeung imah
nu liana.
Lamun
ditakungtik dua rupa tangkal ieu euweuh bahasa Indonesiana atawa mémang can kanyahoan naon ngaranna. Kadua kecap ieu siha bsa kuno ti wewengkon Sunda tempat matuhna Siliwangi. Nepi ka ayeuna can aya hiji pihak ogé nu nyaho jinis éta tangkal. Malahan urang Sunda pituin ogé ngaku teu nyaho kana dua jinis tangkal
éta. Urang tunguan baé kahareup bakal kanhyahoan.
Aya sawatara
urang nu napsirkeun yeun kecap Handeuleum jeung Hanjuang minngka sasmita wungkul. Naha enya eta dua tangkal the lain tangkal nu tuwuh dina taneuh? tapi sakedar simbul wungkul? Coba urang paliré deui dawuhan Siliwangi anu nyebutkeun Budak Angon: “Ari ngangonna? Lain kebo
lain embé, lain méong lain banténg, tapi kalakay jeung tutunggul. Inyana
jongjon ngoréhan, ngumpulkeun anu kapanggih. Kecap Budak Angon oge saenyana sasmita/simbum ti Siliwangi. Tuluy ieu
sasmita/simbul dijelaskeun laum anu
diangonna lain sasatoan tapi kalakay jeung tutunggul. Sedengkuen kekecapan Handeuleum jeung Hanjuang euweuh kateranganana. Antukna ieu dua
kecap téh bisa dipastikeun dua tangal nu tuwuh dina taneuh. Lamun mangrupa sasmita
tangtu Prabu Siliwangi bakal ngajelaskeun pimaksudeunana.
Tapsiran lian: Dihateupan ku handeuleum di tihangan ku hanjuang, hartina ieu Budak Angon
téh nyumput buni dinu caang, aya bareng jeung urang tapi teu kawentar sakabéh
jalma apal, jalmana sabenerna luar biasa tapi ngaku jalma biasa. Ieu Budak Angon téh ulah dibayangkeun jalma anu kawentar anu sakabéh rahayat apaleun,
malah inyana ogé teu apaleun atawa teu pernah ngaku lamun dirina téh Budak Angon.
Indit bareng jeung Budak Jangotan.
Dina Uga Wangsit
Siliwangi kaunggel : “Naréanganana budak tumbal, sejana dék marénta tumbal. Tapi, budak angon enggeus
euweuh, geus narindak babarengan jeung budak anu janggotan; geus mariang pindah
ngababakan, parindah ka Lebak Cawéné!”
Saha ari Budak Janggotan téh? Sesebutan Budang Janggotan ieu masih jan jelas. Naha
ieu budak téh ngarupakeun sobat, karabat atawa kulawarga atawa pangasuh Budak Angon? Can jelas, sabab dina Uga Wangsit Siliwangi
teu loba ngulas ngeunaan ieu.
Dina naskah-naskah lian ngabéjakeun yén Ratu Adil miboga tukang asuh nyaéta Sabda Palon. Naha mungkin Budak Janggotan téh Sabda Palon? Tai sigana
mahlain sabab Sabda Palon mahmangrupa
wujud Jin, sedengkeun ari sesebutan budak mah keur jelema. Jadi Budak Janggotan lain SabdaPalon.
Misteri ieu masih sulit diébréhkeunana. Basa Angon masih jadi wujud nu misteri, dina mangsa anu sarua wujud lian nyaeta Budak
Janggotan anu jati dirina ogé masih misteri. Tapi nupasti budak ieu the janggotan anu engkéna mun
geus tiba waktuna sabada muncul Budak Angon.
Mariang pindah ngababakan di Lebak Cawéné!
Uga: “ geus mariang pindah ngababakan, parindah ka Lebak
Cawéné!”
Kawana Budak Angon moal waka kapanggih lamjun acan mucul. BAsa jalma-jalma geus manggihan padumkananadi sisi walungan, inyana geus miang bareng jeung Budak Janggotan ka Lebak Cawéné.
Siliwangi teu nyebutkeun satersna jalmma-jalma balak hasil manggihan Budak Angon di Lebak
Cawéné sabada teu magguhan di padumukanana. Teu aya kalimah kasebut dina Uga Wangsit Siliwangi. Kusabab kitu bisa dicindekkeun yén jatak antara
padumukan Budak Angon jeung Lebak Cawéné jauh kacida. .
Siliwangi ogé teu yebutkeun sabada miang ka Lebak Cawéné si Budak Angon terus mulang deui ka imahna. Kusabab kitu hartina Lebak Cawéné mangrupa padumukan anyar Budak Angon sabada
padumukanana di sisi walungan ditinggalkeun. Lamun Budak Angon balik deui ka imahna di sisi walungan, tinangtu Siliwangi bakal nyebutkeun bakal hasil dipanggihan di imahna. Geuspasti lamunjalma manggihan di imahna tangtu bisa ditungguan
iraha pimulanguanana. Tapi nyatana teu aya kalimah ieu dina Uga Wangsit Siliwangi.
Nepi ka ayeuna can kanyahoan di mana saenyana lebahna Lebak Cawéné. Dina peta Jawa atawa peta Indonesia, teu aya wewengkin ni disebut Lebak Cawéné. Kusabab kitu ngaranna ogé masih asing jadi loba nu napsirkeun numutkeun kayakinanana séwang-séwangan.
Aua nu napsirkeun
Lebak Cawéné ayana di suku hiji gunung. Aya ogé nu yakin ayana di patilasan Joyoboyo. Nu lian ngomong aya di hiji tempat nu aya guhaan jeung sajabana, jadi sumakin teu jelas
palebah manana ieu Lebak Cawéné.Tapi laum urang yakom ayana hiji tempat anu mangrupa Lebak Cawéné, tuluyna bisa dipastikeyn urang bakal maksa keur nangtukeun salah sahiji jalma di wewengon ieu anu
bakal jadi calon Ratu Adil.
Sing awas yén Siliwangi henteu nyebutkeun Budak Angon bakal dipanggihan di Lebak Cawéné. Di sisi lian Siliwangi ogé teu maparin
ciri-ciri Lebak Cawéné jadi mustahil Lebak Cawéné
bisa dipikanyaho saméméh Ratu Adil muncul, kajaba urang jalma leuwih sakti ti Siliwangi.
Pamendak lian, Budak Angon kaayanana pikasediheun,
kusabab teu dipaliré jeung dimusuhan waé ku pangawasa, ahirna ngahiji bareng jeung Budak Janggotan miang indit ka Lebak Cawéné misahkeun diri. Misahkeun diri ieu téh bisa ku
sababaraha sabab, bisa kulantaran geus teu tahan ku sistem pamarentahan anu
geus bener-bener ancur. Atawa duanana pindah keur ngajauhan tina kadzoliman pangawasa harita, di
tempat anu anyar ieu Budak Angon jeung Budak Janggotan bisa bisa ngawujudkeun
naon anu salila ieu jadi harepan nyaéta nagara anu gemah ripah loh jinawi.
Gagak ngelak na tutunggul.
Uga: “ Nu kasampak ngan kari
gagak, keur ngelak dina tutunggul”.
Kecap “ngelak” (berkoar) bisa jadi manuk Gagak no sok ngelak (berkicau), atawa bisa jadi ngarupakeun sasmita wungkul.
Loba pisan
kamungkinanana nguenaan gagak ngelak ieu. Tapi dina naskah-naskah lian saperti nu diungkap Ronggowarsito
jeung Joyoboyo yén Budak Angon saméméh jadi Ratu Adil hirup sangsara, inyana mindeng dihina batur. Lamun di
kaitkeun jeung ha lieu mangka Gagak ngelak bisa dihartikeun subagţ
jalma-jalma nu sok ngahina Budak Angon.
Kusabab kitu hirupna
sok dihina batur, anu ahirna Budak Angon minggat
ninggalkeun padumukanana. Terus inyana bareng jeung Budak Janggotan pindah
ngababakan di Lebak Cawéné keur muka babakan anyar.
Ngeunaan Budak Angon jeung Budak Janggotan,
aya kapercayaan anu datangna di beulah wétan dicutat tina salah sahiji blog:
“Aura “dua sosok” tersebut ada pada dua orang Jawa berdarah Sunda pengikut Rasulullah Muhammad SAW melalui Prabu Kian Santang, dan dalam menapak menjalankan ajaran Sunan Kalijaga dan Sunan Gunung Jati. Secara hakekat fenomena ini melambangkan bahwa “dua sosok” beliau adalah berasal dari Trah Pajajaran-Majapahit. Sehingga setidaknya terjawab sudah apa yang telah diwangsitkan oleh Prabu Siliwangi dalam “Uga Wangsit Siliwangi” berkenaan dengan sosok “Budak Angon dan Pemuda Berjanggut yang mengenakan pakaian serba hitam bersandangkan sarung tua”. Dua sosok tersebut mewakili keturunan Prabu Siliwangi yang pergi menuju ke arah Timur.” Dalam kitab Musasar Jayabaya bab Sinom disebutkan bahwa kedua sosok tersebut berhati putih namun masih tersembunyi dan Pemuda Berjanggut adalah keturunan Prabu Siliwangi yang Islam dan sangat bertauhid.
Tak perlu penasaran siapa sejatinya beliau. Karena beliau “dua orang” tersebut tidak akan muncul di permukaan sebelum misi yang dijalankannya paripurna. Missi tersebut berkenaan dengan “Persatuan Umat” dan untuk ingat kembali akan “Ke-Tuhan-an Yang Maha Esa”. Jangan dibayangkan “beliau” akan harus berhadapan dengan jutaan umat di nusantara ini. Namun dalil yang berlaku pada “beliau” adalah : “Nglurug tanpa bala, menang tanpa ngasorake”. Sampai kapanpun “beliau” tidak akan mengaku dan tidak mengetahui bahwa dirinya sebagai sosok “Satria Piningit” itu. “beliau” tengah berjalan dari Timur menuju Barat, meluruskan kembali apa yang salah diantara Majapahit dan Pajajaran (khususnya kejadian Perang Bubat). Prinsipnya banyak hal yang perlu diluruskan berkenaan dengan sejarah nusantara ini. Karena kepentingan pihak-pihak tertentu pasca keruntuhan Majapahit. Sampai dengan dekade ini banyak sejarah yang telah diputarbalikkan ataupun dibengkokkan. Secara empirik catatan atau bukti sejarah boleh hilang, namun di alam kegaiban catatan sejarah nusantara ini tidak dapat dihapus.
Tak salah kiranya kembali apa yang tertulis di dalam Uga Wangsit Siliwangi :”Dengarkan! Jaman akan berganti lagi, tapi nanti, setelah Gunung Gede meletus, disusul oleh tujuh gunung. Ribut lagi seluruh bumi, Orang Sunda dipanggil-panggil, Orang Sunda memaafkan. Baik lagi semuanya. Negara bersatu kembali. Nusa jaya lagi, sebab berdiri ratu adil, ratu adil yang sejati.”

Ngan anu jelas ieu Budak Janggotan téh turunan Prabu Siliwangi anu milu ka
beulah wétan, anjeuna bakal mawa ajaran anu ngutamakeun Tauhid ka Allah SWT,
sabab poko pangkal karuksakan ieu nagara téh kusabab manusa geus poho kanu
nyiptakeunnana, loba kamusyrikan di mana-mana, manusa nyarembah pangkat jeung
kadudukan. Ajaran Tauhid anu murni geus jadi barang langka. Budak Janggotan
bakal datang deui pikeun ngélingan tur meresan ieu kaayaan tapi bari tetep
hormat ka karuhunna.
Ratu Adil nu sajati.
Dina Uga Wangsit Siliwangi kaunggel: “Hadé deui sakabéhanana. Sanagara sahiji deui. Nusa
Jaya, jaya deui; sabab ngadeg ratu adil; ratu adil nu sajati.
Tapi ratu saha? Ti mana
asalna éta ratu? Engké ogé dia nyaraho. Ayeuna mah, siar ku dia éta budak
angon! Jig geura narindak! Tapi, ulah ngalieuk ka tukang!
Urang dititah ku Siliwangi keur néangan Budak Angon, sabab inyana nu bakal jadi jadi Ratu Adil nu sajati.
Sigana Siliwangi boga maksud mapari amanah
sangkan urang ati-ati dina néangan Budak Angon. Hal ieu disababkeun ku bakal lobana Budak Angon palsu muncul di Pulo Jawa. Saterusna Budak Angon palsu bisa jadi aya dukungan jalma lian ka
dirina sahingga dipaksa luyu jadi Ratu Adil, tapi
bisa jadi ogé disababkeun ku gurung gusuh yakin yén dirina Budak Angon.
Tinggali ayeuna
geus loba kadéngé di mana-mana ti Jawa bagéan kulon tug ka Jawa bagéan wétab, jalma-jalma anu muncul dipercaya subagé Ratu Adil. Malahan geus loba muncul di mana-mana jalma nu ngaki
dirina subagé Ratu Adil.
Kusabab kitu Siliwangi ngawanti-wanti supaya urang néangan Ratu Adil sajati, sabab Ratu Adil sajati ngan aya hiji,
sedengkeun Ratu Adil palsu mah loba pisan. Sanajan loba Ratu Adil palsu, hal ieu moal ngarobah papastén munculna anu asli. Lamun nu asli geus muncul akibatna kabéh bakal kabuktian mana nu asli jeung mana anu palsu luyu jeung
dawuhan Siliwangi: “Tapi ratu saha? Ti mana asalna éta ratu?
Engké ogé dia nyaraho. Ayeuna mah, siar ku dia éta Budak Angon!
Uga: “ Jaman bakal ganti
deui. Tapi engké, lamun gunung Gede
anggeus bitu di susul ku tujuh gunung. Genjlong deui sajajagat. Urang Sunda
disasambat, urang Sunda ngahampura. Hadé deui sakabéhanana. Bangunan ngahiji
deui. Mangsa jaya, jaya deui; sabab Ratu anu anyar, Ratu Adil sajati.
Ieu bagéan wangsit Siliwangi acan bisa kagambarkeun sacara jelas. Tapi kecap gunung, ieu ngalambangkan hal anu luar biasa, anu rongkah. Mun hiji gunung bitu mamalana luar biasa, komo mun tujuh gunung, bisa génjlong ieu nagara. Mun teu salah ngartikeun, revolusi bangsa urang bakal di mimitian ku kakacowan anu muncul di tanah Sunda/atawa salah sahiji kota/pulo di tanah Sunda (dilambangkan ku gunung gedé), terus ngarémbét ka wewengkon (kota/pulo) séjénna (dilambangkeun ku 7 gunung). Ieu ngandung harti bakal aya kajadian anu ngakibatkeun urang Sunda ngamuk, antukna nusantara jadi ramé.
Kunanon kecap “gunung gedé” bitu teu dihartikeun
saujratna? Sabab bakal teu nyambung jeung kalimat “urang Sunda disasambat, urang Sunda ngahampura” anu hartina di dieu urang Sunda ngambek terus
misahkeun diri tina beungkeutan, terus dipéenta balik deui, urang Sunda ngahampura terus balik deui kana bangkeutan, nusantara jadi ngahiji
deui.
Nya dina mangsa éta, Ratu Adil anu salila ieu ditéangan
bakal kapanggih –ku urang Jawa mah ieu ratu Adil téh sok disaruakeun jeung
Satria Piningit—tangtu munculna Ratu Adil ieu téh kulantaran pituduh ti Budak Angon.
Prabu Siliwangi teu pernah ngabéjaan saha ieu Ratu Adil (saha? Timana?), tapi
ngan méré paréntah pikeun néangan Budak Angon, sabab Budak Angon ieu anu bakal
jadi konci utama jeung nu nungtun urang pikeun manggihan Ratu Adil anu sajati.
Tapi dina mangsa néangan Budak Angon jeung Ratu Adil éta urang ulah sakali-kali
ngalieuk ka tukang anu ngandung hartia ulah ningali ka
tukang, maksudna ka mangsa anu geus kaliwat jeung ulah
ngungkit-ngungkit pangalaman katukang
Kacindekan Budak Angon dina uga wangsit Siliwangi:
Kacindekan Budak Angon dina uga wangsit Siliwangi:
Ébréh kagambar dina ieu uga, urang Sunda anu bakal nyekel pancén pikeun mémérés ieu nagara anu geus ruksak.
Iraha? Teuing, ngan nu jelaslah mah urang kudu terus usaha pikeun ngoméan ieu
nagara tapi sakali-kali ulah ngungkit-ngungkit hal-hal anu geus kaliwat. Ayeuna
mah anu paling penting sakabéh urang Sunda kudu baralik deui
ngoréhan élmu karuhunna (Pajajaran). Tah didinya bakal nepi heula kana uga Bandung “Sunda
nanjung mun anu pundung ka Cikapundung geus baralik deui”—hartina mun sakabéh komponen kasundaan geus ngahiji
deui, kakara Sunda bakal nanjung. Jeung pancén penting séjénna nyaéta urang kudu néangan Budak Angon di mana ayana, mun geus
kapanggih kudu dirojong ku saréréa. Muga-muga!
Dina salah sahiji Uga aya unina jiga kieu “Nagara urang bakal aman, mun wong jowo tinggal separo, wong Londo tinggal sejodo, wong cino pada lungo (urang Jawa tinggal satengah, urang Walanda tinggal sajodo, urang
Ti dinya datang Budak Janggotan. Datangna sajamang hideung, bari nyoren kaneron butut, ngageuingkeun nu keur sasar, ngelingan ka nu paroho. Tapi henteu diwawaro !
Da pinterna kabalinger, harayang meunang sorangan. Arinyana teu arengeuh, langit anggeus semu beureum, haseup ngebul tina pirunan.
Boro-boro dék ngawaro, malah Budak Janggotan, ku ariyana di éwak diasupkeun ka pangbérokan. Laju ariyana ngawut-ngawut dapur batur, majarkeun néangan musuh; padahal ariyana nyiar-nyiar pimusuheun. Sing waspada ! Sabab engké arinyana, bakal nyaram Pajajaran di dongéngkeun. Sabab sarieuneun kanyahoan, saenyana ariyana anu jadi gara-gara sagala jadi dangdarat.
Dina mangsa ieu aya sabagéan kalangan Islam (tokoh ulama/ustad =Budak Janggotan) anu nyobaan ngélingan ka raja anu keur sasar. Tapi éta raja anu keur sasar téh tibatan nurut malah malik ngéwa, éta Budak Janggotan téh ditéwak tuluy diasupkeun ka panjara. Ieu balad raja buta mémang lolobana pinter kabalinger, kapinterannana dipaké jang nindes rahayat. Maranéhannana teu sadar yén kajayaan sakeudeung deui bakal runtuh, jaman bakal robah. Sabab rahayat anu kuciwa bakal nungtut ieu raja ngarah diturunkeun.
“Nyaram Pajajaran di dongéngkeun” ieu geus jadi rahasia umum, yén di jaman Suharto ampir kabéh sajarah téh loba anu kasingsal, loba anu dirobah, loba anu diputerbalikeun keur kapentingan jeung kakawasaannana. Sajarah anu asli tur lempeng bener satékah polah dihalangan atawa dileungitkeun (sejarah Supersemar, Sejarah Gerakan G30S/PKI, sajarah Perang Bubat, jrrd). Sabab lamun ieu sajarah kabuka terus dilempengkeun deui, maka raja Buta bakal kanyahoeun sagala talajak goréngna, sabab manéhanana anu sabenerna jadi pangkal sabab kaancuran ieu nagara.
Buta-buta nu baruta; mingkin hareup mingkin bedegong, ngaleuwihan kebo bulé. Ariyana teu nyaraho, yén harita téh jaman geus asup kana jaman: jaman sato. Jaman manusa dikawasaan ku sato !
Jayana buta-buta henteu pati lila; tapi, bongan kacida teuing nyangsara ka somah, loba somah anu pada ngarep-ngarep caringin rentas di alun-alun. Buta bakal jaradi wadal, wadal pamolahna sorangan.
Ieu buta-buta balad raja buta sasar teh beuki ngagalaksak wae, kalakuanna dina nyangsarakeun rahayat teh étuning geus ngaleuwihan para penjajah bangsa deungeun anu baheula ngajajah urang. Ieu jaman mémang teu béda ti jaman sato, hukum anu aya ngan hukum rimba, halal-haram geus teu dipaliré, anu aya buta-buta téh terus-terusan ngumpulkeun harta jeung kakawasaan. Tapi……..rahayat anu geus teu tahan mimiti ngalawan, tahun 1998 partéy caringin jeung sagala kakawasaannana runtuh, di mimitian di Jakarta (gedong MPR) terus ngarémbét ka sakuliah nusantara (caringin reuntas di alun-alun). Ieu raja buta diturunkeun sacara paksa. Buta-buta anu baheula kawasa téh antukna mah ayeuna jaradi wadal, wadal pamolahna sorangan, aya anu ditéwak di asupkeun ka pangbérokan, aya anu ngajuralit tina kakawasaanana.

Uga: ” Iraha mangsana ? Engké mun geus témbong Budak Angon !
Sakitu sawatara hal ngeunaan Budak Angon saluyu jeung anu kunggel dina naskah Uga Wangsit
Siliwangi. Siliwangi ngahaja teu pati
jelas dina ngagambarkeun Budak Angon dina naskahna antukna sulit keur urang keur manggihanana. Sigana ieu the dihaja sabab bakal loba pihak-pihak anu tangtuna ngahalangan kamungkian munculna Ratu Adil ku rupa-rupa alesan.
Tapi nu pasti urang bakal nyaho mana Ratu Adil palsu jeung mana Ratu Adil nu sajati tangtuna lamun
geus waktuna muncul. Hayu urang tungguan, da ari geus waktuna muncul mah pasti
muncul. Iraha? “Sapoé-sapeuting deui”…..
Panutup
Jéntré kagambar dina ieu uga, urang Sunda anu bakal nyekel pancén pikeun mémérés ieu
nagara anu geus ruksak. Iraha? Teuing, ngan nu jelaslah mah urang kudu terus
usaha pikeun ngoméan ieu nagara tapi sakali-kali ulah ngungkit-ngungkit hal-hal
anu geus kaliwat. Ayeuna mah anu paling penting sakabéh urang Sunda kudu baralik deui ngoréhan
élmu karuhunna (Pajajaran) tah didinya bakal nepi heula kana
uga Bandung “Sunda nanjung mun anu pundung ka Cikapundung geus baralik deui”— hartina mun sakabéh anasir kasundaan geus ngahiji deui, kakara Sunda
bakal nanjung. Jeung pancén penting séjénna nyaéta urang kudu néangan éta Budak Angon di mana ayana, mun geus kapanggih kudu didukung ku
saréréa. Mugia!
Dina salah sahiji Uga aya mu unina kieu “Nagara urang bakal aman, mun “ wong Jowo tinggal separo, wong Londo tinggal sejodo, wong Cino pada lungo”
Dina salah sahiji Uga aya mu unina kieu “Nagara urang bakal aman, mun “ wong Jowo tinggal separo, wong Londo tinggal sejodo, wong Cino pada lungo”
Cag!
Dikumpulkeun
jeung ditulis ku Réngéngan
Pakar “SKKS”
Ki
H Ihwan Natapradja, (Jagasatru 6)
Ki
Manik Sundayana
Ki
Wiratmadja Subakusumah
Komentar