Sapuratina
Poek mongkleng buana nalika nyengled sarangenge. Tinghaleuang patembalan mangrupa adzan. Dina rancucut waragad iman jeung ihsan Galideur hate bangbaung mertela bunisora. Gumati lumampah eusi cawet jeung ubun-ubun. Nyanggakeun manah sapuratina. Kadar rasa balukar hate, kadar bagja tandesna wilangan Ilahar warta nu matak cilaka Ilahar beja nu matak parna Teu aya titirah dunya ngajadikeun amarwatasuta. Saukur rekaan gede leutik carita Omat tegeskeun rangkeupkeun Laer aisan sugih harepan Miboga mundinglaya dina carantang Leuweung ngajadi lembur Lembur ngajadi puser Puser ngajadi dumasar ragragna basa Basa tingkeletrek ngajadi dangdanggula Pupuh sinom magatru nyurup sapuratina Sapuratina hideup ku hideup, urang ku urang. Kawula sapuratina ngalayang dina tangtung Tegeskeun budi ngahiji dina purwarupa Leberkeun taktak medarkeun tanggungan. Rawuh pangaweruh sapuratina. Enjagkeun kilurah drona dina amarta. Omat jeung sapuratina