CIBENYER NGALALANA KAHIRUPAN
Cibenyer Ngalalana Kahirupan
Wanci ashar kaburitnakeun
Tonggeret patembalan jentre ti nangkod
Monyet tinggorowok kokoreakan na tangkal cipelah
kalong ngaleut abring abringan luhureun ganjlung
carita titis kuring sapiduluran di cibenyer gn sawal.
Sesa ulin tadi isuk ka berang nalika harita
waas ku sapuratina, bitis belewuk, seseuhan numpuk
bebelokan kokotoran, menbal kokojayan tur rupa rupa carita nalika budak.
Ayeuna 40 tahun katukang teuing sesa kahareupna
dulur sacarita, sarawat, sariksa, saoprek, sapangceurikan, ngalalana ku rupa rupa, anu teu ka awah ti anggangna.
di Banjar ku banjirna baheula, di batulawang ku iuh kebona, lakbok ku tohaga lega pelakna, sura jeung nga baya ku carita pahlawan na, katulistiwa neger wayah di pontianakna, jeung kuring ku nyindang jeung asihna nangkod pageuh di gunung sawal.
baheula asa ayeuna, ayeuna bati waasna, sakolepat, saliwat, bray miang uwa, mamang, sing teuneung, gumati sing ati ati, baranang ku raharja sadayana,
Ya Allah Ya Rabbi, Cibenyer tandang ngalalana Kahirupan, mugia salamet Dunia rawuh Akherat.
Komentar