Postingan

Menampilkan postingan dari Juni, 2019

CIBENYER NGALALANA KAHIRUPAN

Cibenyer Ngalalana Kahirupan Wanci ashar kaburitnakeun Tonggeret patembalan jentre ti nangkod Monyet tinggorowok kokoreakan na tangkal cipelah kalong ngaleut abring abringan luhureun ganjlung carita titis kuring sapiduluran di cibenyer gn sawal. Sesa ulin tadi isuk ka berang nalika harita waas ku sapuratina, bitis belewuk, seseuhan numpuk bebelokan kokotoran, menbal kokojayan tur rupa rupa carita nalika budak. Ayeuna 40 tahun katukang teuing sesa kahareupna dulur sacarita, sarawat, sariksa, saoprek, sapangceurikan, ngalalana ku rupa rupa, anu teu ka awah ti anggangna. di Banjar ku banjirna baheula, di batulawang ku iuh kebona, lakbok ku tohaga lega pelakna, sura jeung nga baya ku carita pahlawan na, katulistiwa neger wayah di pontianakna, jeung kuring ku nyindang jeung asihna nangkod pageuh di gunung sawal. baheula asa ayeuna, ayeuna bati waasna, sakolepat, saliwat, bray miang uwa, mamang, sing teuneung, gumati sing ati ati, baranang ku raharja sadayana, Ya Allah Ya Rabbi,...