Selasa, 02 Juli 2019

Kocoran Cai

Sabulan jeput halodo rupaning poe
Hawa garing niup kebul mendetan irung
Taneuh belah nyanganga isuk ka isuk
Cai nyorog ngan ukur pangharepan

Raga udag-udagan jeung batin hanaang
Rupa nyaliksik mohokeun dangdanan
Tempur rasa balukarna teu puguh gupay
saban poe morotan cai

genep puluh panen taya cangcaya
boro ku halodo taya ngoletrak
naha kiwari sabulaning can teges
jaman tohaga mendetkeun banyu midang

Babasan hate, nalungtik carita heubeul
Wicaksana ku rupa atikan
walatra ku rupa pidangan
teu puputon sekar kadaton
teu cacah menak paguron
mantrang labas ka porog ku darmacaang

mertela sujang jaman teh geus ragot
kalindih, kapinang ku euwah gingsir
Yaa Rabbul ijati hampura abdi nu satemena.

Selasa, 11 Juni 2019

CIBENYER NGALALANA KAHIRUPAN

Cibenyer Ngalalana Kahirupan

Wanci ashar kaburitnakeun
Tonggeret patembalan jentre ti nangkod
Monyet tinggorowok kokoreakan na tangkal cipelah
kalong ngaleut abring abringan luhureun ganjlung
carita titis kuring sapiduluran di cibenyer gn sawal.

Sesa ulin tadi isuk ka berang nalika harita
waas ku sapuratina, bitis belewuk, seseuhan numpuk
bebelokan kokotoran, menbal kokojayan tur rupa rupa carita nalika budak.

Ayeuna 40 tahun katukang teuing sesa kahareupna
dulur sacarita, sarawat, sariksa, saoprek, sapangceurikan, ngalalana ku rupa rupa, anu teu ka awah ti anggangna.

di Banjar ku banjirna baheula, di batulawang ku iuh kebona, lakbok ku tohaga lega pelakna, sura jeung nga baya ku carita pahlawan na, katulistiwa neger wayah di pontianakna, jeung kuring ku nyindang jeung asihna nangkod pageuh di gunung sawal.

baheula asa ayeuna, ayeuna bati waasna, sakolepat, saliwat, bray miang uwa, mamang, sing teuneung, gumati sing ati ati, baranang ku raharja sadayana,

Ya Allah Ya Rabbi, Cibenyer tandang ngalalana Kahirupan, mugia salamet Dunia rawuh Akherat.

Chapter 1: The Hidden Secrets of Trade

I. Introduction In the bustling world of global commerce, where goods and services flow across borders with the speed of light, there exists...