Gumbira sisi wahangan

Tesnajati milampah buana nyurup waragad ayeuna
pantrang bukti nyelang wanci jangelek ngajadi urang
ngangkeun diri ngepel budi tur pangarti suci
teu bireuk ilharana naha saukur gumbira sisi wahangan

lima mangsa nu kacarita...
ti wanci birit jeung dada tembong
seseleket pindah rupa make iket jeung bandega
teu kungsi lila nyukma lir rasa hanaang di porog cai ibun
parat nyaliksik ngagupayan ati ngarah pindah kana bagbagan Ilahi
wanci jadi robah tina peuting jadi caang padang
lega harti lega manah ku rasa nu gumbira tapi lain sisi wahangan

tilu wanci geus taya rupa tinggal saentep carita nu rupa-rupa tur direka-reka
satuluyna urang kaeuntrepan bangbara bodas, jeung engang teu pati beunta
tilu jaman jeung tilu usum ninggalkeun borok kasedih tur cimata orok
teu ngarti mangsa kudu karandapan ku salira hidep ngobrol kolot ka budak
sajatina taya gumbira sakepel ge sok sanajan sisi wahangan

poe ieu, wanci kieu beja diumbar ti eusi leuit tepi ka jero simbut ngaboleklak
ngumbar ka pinteran jeung kabijaksanaan nu ngarasa mimpin jaman
teu kacipta akhirna urang ge ngarasa ayeuna leuwih jiga batan kamari
pikaseurieun tur pikaceurikeun gampang di pirosea dina waktu nu sarua
ngan ceuk Kaula wanci kiwari saukur mapag nu jadi sabab ancurna Kaula

Sono ka wanci katilu, teu kuat hayang Gumbira
omat lain Gumbira sisi wahangan



Gingin Ginanjar Ismawijaya

Komentar

Postingan populer dari blog ini

Gunung Cupu

BUDAK ANGON JEUNG BUDAK JANGGOTAN

Sapuratina