Gumbira sisi wahangan
Tesnajati milampah buana nyurup waragad ayeuna pantrang bukti nyelang wanci jangelek ngajadi urang ngangkeun diri ngepel budi tur pangarti suci teu bireuk ilharana naha saukur gumbira sisi wahangan lima mangsa nu kacarita... ti wanci birit jeung dada tembong seseleket pindah rupa make iket jeung bandega teu kungsi lila nyukma lir rasa hanaang di porog cai ibun parat nyaliksik ngagupayan ati ngarah pindah kana bagbagan Ilahi wanci jadi robah tina peuting jadi caang padang lega harti lega manah ku rasa nu gumbira tapi lain sisi wahangan tilu wanci geus taya rupa tinggal saentep carita nu rupa-rupa tur direka-reka satuluyna urang kaeuntrepan bangbara bodas, jeung engang teu pati beunta tilu jaman jeung tilu usum ninggalkeun borok kasedih tur cimata orok teu ngarti mangsa kudu karandapan ku salira hidep ngobrol kolot ka budak sajatina taya gumbira sakepel ge sok sanajan sisi wahangan poe ieu, wanci kieu beja diumbar ti eusi leuit tepi ka jero simbut ngaboleklak ngumbar...